PIDATO NAMPI CALON PANGANTEN PAMEGET
PIDATO NAMPI
CALON PANGANTEN PAMEGET
Alahamdu
lillaahil ladzii arsala rasuulahu bil hudaa, wadiinil haq, liyudh hiraahu
alladziini kullihi wakafaa billaahi syahidaa. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu
wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan abduhu waraasuluhu la
nabiya ba'dah.
Allaahumma
shalli wasallim wabarik 'alaa sayyidina Muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa
bihii wa manit taqa, amma ba'du.
Ibu-bapa,
hadirin sadaya utamina para tamu, sepuh anom jaler istri rahimakumullah.
Saba'da
bubuka nembe, mitembeyan minangka pangjajap saur, Sim kuring minangka nangtung
sambung laku, letah sambung carita ti kulawarga .........(Ramana Panganten
Istri), Ramana pituin calon panganten istri Neng .................(Panganten
Istri), nyanggakeun haturan sumping, disarengan ku laksa keti kabingahan, ka
para wargi sadaya, anu parantos kersa ngadongkapan ka ieu patempatan, mugia
bae, kasumpingan para tatamu ieu teh sing ngajantenkeun hiji ibadah anu ditampi
ku Allah SWT. Amin yaa Allah Yaa Rabbal alamiin.
Kawuwuh
nembe, sakumaha kasauran sepuhna calon panganten pameget, deuh, balungbang
timur caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan, kitu ibaratna eusi dada sim
kuring sakulawarga ayeuna, sugri anu disaurkeun nembe, sakitu beres roesna,
atuh nu dipasrahkeunana, sakitu gindingna, sakitu tegepna,dedeg sampe rupa
hade, anu lajeng dipasrahkeunana pisan, kantenan, eta nu diajeng-ajeng siang
kalayan wengi teh, malah tos asa beuheung sosonggeteun, sim kuring sakulawarga
tos cilingcingcat bae ti enjing keneh, komo Neng .............(Panganten Istri)
mah, inggis pajar teh, sieun Kang ................(Panganten Pameget), teu cios
sumping, saur juru mamaos mah kieu cenah geuning,Yeuh badan abdi buktina, kapan
sakieu reksakna, manis, kapan sakieu reksakna, dunungan, hate teh awut-awutan,
ku lami puyang payengan, dunungan, ayeuna mah geuning, ku lami puyang
payengan.. Nanging buktosna mah bet ngembang boled, nu dianti teu burung dugi,
nu ditunggu teu burung cunduk, kalayan salamet teu kirang sawios-wios, atuh
kantenan, ditampi ku asta kalih, kasuhun kalingga murba, binarungan bingah
amarwata suta, bingah anu teu aya hinggana.
Nya kitu
deui cacandakanana, sakitu seueurna, sakitu numpukna, kirang kumaha deui, sok
sanaos yaktos teu diantos-antos, ditampi kalayan kabingahan, henteu bade
diteundeun dihandap-handap, estu disuhun dina embunan-embunan, mugia bae,
janten hiji kamangfaatan, pikeun barudak nu bakal nyorang kahirupan dunya
anyar, dina wanda wangunan rumah tangga.
Sawangsulna,
mugia ageung sih hapuntena, tina sagala rupi kakirangan, dina leresan
panampian, utamina, bilih kirang tata titina, kirang duduga peryogana, mugi
ulah kirang-kirang nya ngahapunten.
Pamungkas
rupina, urang sami-sami ngadu'a bae ka Allah SWT, mugia paneja barudak nu bade
jatukrami ieu, miwah pamaksadan urang nu janten sepuhna, tiasa diijabah ku
Allah SWT, "Barakallaahu laka wabaraka alaika, wa jama 'a bainakumaa fii
khaiir" Amiin Yaa Allah Yaa Rabbal alamiin, Amiin yaa mujibas saa 'ilin,
Wasallam mu'alaikum Warahmatullahi
Wabarakaatuh
Seja neda widi ijin nganggo materi biantara di luhur, mugia teu rengat galih...
BalasHapus